Home

nadzom sholawat sunda



nadzoman sholawat sunda






v  Masa alloh mantak kelar, di akherat kabeh gempar
v  Di pakuburan ngalenjar, karumpul di alam masyar


v  Ari ngaran masar eta, palataran anu
rata
v  Panasna waktu harita, panon poe tujuh hasta


v  Hanteu aya iyuh iyuh, pikeun urang tempat nyuuh
v  Salilana nandang pakewuh, nguping naraka ngaguruh


v  Fasik jeng kafir ngaromong, bener rosul henteu bohong
v  Sadaya siksaan nyondong, ngen urang anu badegong


v  Awak urang di rangsadan, henteu gaduh papakean
v  Ngeun hayang ideur ideuran, neangan anu nulungan


v  Paribasa kumaha engke, kawas moal jadi bangke
v  Bajuna rasa di pake, ku malaikat di teke


v  Eling eling dulur kabeh,ibadah ulah campoleh
v  Berang peuting wulah weleh, bisingan kaburu paeh


v  Karasana keur sakarat, nyeurina kaliwat liwat
v  Urat urat pararegat, di cabut ku malaikat

v  Hartamah hanteu di toleh, ngen sa ukur nyandak boeh
v  Hartamah heunteu nulungan, anging amal eujeung iman




hayu tafakuran ku urang sadaya  :)

Posted by : Nasrullah Azzahra ~ / Desaigner , Blog Tutorial , photoshop

Artikel :nadzom sholawat sunda diposting oleh Nasrullah Azzahra . Terima kasih udah berkunjung ke gubuk Oret Oretan, Kritik dan saran dapat disampaikan via kotak komentar atau chatbox. Happy blogging.........

9 comments:

  1. Replies
    1. hatur nuhun baraya...
      parantos mampir di oret oretan abdi.
      lamun aya waktos mamoir oge ka blog terbaru abdi di:
      http://nazzabandz.blogspot.com

      Delete
  2. Replies
    1. mp3 na kedah rekaman heula jigana ieumah hehehe.....
      tacan aya lur....

      Delete
  3. Allahuakbar, haturnuhun.. teu cida kanten sae pisan postingan pupujiannana. 👍😉

    ReplyDelete

tulis komentar anda

nazza bandz

. :: sekilas info ::.